Tamada

Rabu, 16 Mei 2012

Lamun ngitung umur, sabaraha puluh tahun nu kaangkung, pirang pirang bulan anu kaliwat, awahing lami dugi ka hese lamun di itung ku poe.

Dina waktu anu sakitu lilana, rumasa kuring hirup kumbuh campur gaul jeng dulur, batur salembur, malah campur gaul jeng batur sakasur, babarengan jeng kulawarga, baraya, atangga jeng masyarakat balarea, geus hiji kapastian salila eta loba laku lampah anu teu mereunah kana manah, nu ngajadiken pacental basa anu ahirna pasea. ku hal eta pisan bisi aya nu kasiku kalbu,katugar manah kacapit kakait hate, sim kuring dina kasempatan ieu neda hapunten.

utamina dina dinten ieu sim kuring rumasa culangung ka sadayana, kungalangkungan tulisan ieu. ari sakudunamah simlkuring kukurilingan nepungan sadayana, namun ku hiji hal sahingga sim kuring teu tiasa nyumponan kawajiban sin kuring menta dihampura.

Doa sareng pangampura sadayana pisan, nu bakal ngajajap ka sim kuring kana katenangan ibadah di tanah suci. ku hal eta pisan, neda sih pidua ti sadayana rehna sim kuring Alhamdulillah dina tahun ieu Insya Allah dina ping 1 Nopember 2010 sejak angkat ka tanah suci.

mudah mudahan sim kuring dina ngalaksanaken ibadah sing nincak syarat jeng rukunna, malah mandar sim kuring nyandang gelar haji anu mabrur anu ditampi ku Allah SWT.

0 komentar:

Posting Komentar